contoh makalah bahasa sunda tentang dongeng - KUMPULAN MAKALAH -->

Iklan Tengah Artikel 1

contoh makalah bahasa sunda tentang dongeng





BAB I
BUBUKA

A. Kasang Tukang

Sastra Sunda mangrupa salah sahiji kakayaan budaya Sunda. Sastra sunda teh kacida pisan lobana, diantarana nyaeta dongeng. Dongeng nyaeta carita anu teu asup akal jeung teu bener- bener kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian - kajadian zaman baheula. Tapi mun ningali kaayaaan zaman ayeuna mah barudak teh, khususna anu cicing di Tatar Sunda loba anu teu wanoh- wanoh acan kana dongeng. Kukituna urang salaku kaom muda anu gelar jeung cicing di Tatar Sunda boga kawajiban ngawanohkeun tur ngajak barudak sangkan resep kana Sastra Sunda utamana kana dongeng.
Dongeng teh loba pisan rupana diantarana aya fabel, parable, legenda, mite, sage, pamuk jeung dongeng pieunteungeun.

B. Rumusan Masalah

Dina makalah ieu, bade dipedarkeun ngeunaan :

a. Kumaha sajarah jeung kamekaran dongeng ?
b. Naon anu dimaksud dongeng ?
c. Naon wae unsur-unsur dongeng ?
d. Naon wae ciri-ciri dongeng ?
e. Naon fungsi dongeng ?
f. Naon wae papasingan dongeng ?
C. Tujuan

Tujuan anu dipikaharep bisa dihontal umumna nyaeta pikeun bisa ngeuyeuban pamikiran, pangaweruh kanu maca, utamana kanu teu wanoh kana karya sastra sunda (dongeng). Aya oge tujuan hususna nyaeta 

a. Mikawanoh tur maham kana sajarah jeung kamekaran dongeng
b. Mikawanoh tur maham kana wangenan dongeng
c. Mikawanoh tur maham kana unsur-unsur dongeng
d. Mikawanoh tur maham kana ciri-ciri dongeng
e. Mikawanoh tur maham kana fungsi dongeng
f. Mikawanoh tur maham kana conto dongeng

BAB II
PEDARAN

A. Sajarah Kamekaran jeung Sumebarna Dongéng

Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina zaman buhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu. Dina ieu zaman, sastra anu aya, teu kapanggih ngaran pangarangna (anonim). Teu kawas pantun, carita-carita mithologia, pabél-pabél, jangjawokan, asihan, jampé-jampé, kawih, jeung saterusna. Tétéla pisan satra lisan leuwih ti heula ayana tibatan sastra tulis. Sastra tulis aya sanggeus urang Sunda wawuh kana tradisi tulis. Ku sabab téknologi ayeuna beuki maju, loba dongéng anu dimuat dina majalah jeung surat kabar.

B. Wangenan Dongéng

Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian. Dongéng biasana sok nyaritakeun kajadian - kajadian jaman baheula.
Numutkeun kamus, dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana. Dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok (Budi Rahayu Tamsah). Dongéng téh mimiti gelarna mangrupa wangun lisan, nu nyebar ti hiji jalma ka jalma lianna, tur teu kapanggih saha nu ngarangna atawa anonim. Lantaran nyebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit.

Dongéng mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun prosa. Nilik kana wandana jeung patempatana, dongéng biasana sok ngambarkeun kaayaan baheula. Tokoh-tokoh dina dongéng henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk séjénna. Bisa oge nyaritakeun tempat.

C. Unsur-unsur Dongéng

1. Téma, nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng.

2. Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita. Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran.

3. Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.

4. Latar (setting), nyaéta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng.

5. Amanat, nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna.

D. Ciri-ciri Dongéng

1. Caritana pondok, lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi alesanana nyaéta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan.
2. Aya bagian anu pamohalan.
3. Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.
4. Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.
5. Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial, atawa kahayang nu di sidem. Sanajan dongéng ditepikeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.
6. Sipatna pralogis, nya éta mibanda logika anu béda jeung logika umum.
7. Sipatna tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun.
8. Pola ngadongéng sok angger.

E. Pungsi Dongéng

Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi. Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah. Dina jaman masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-upacara ritual manusa nu nurutkeun kana kapercayaan. Dongéng sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak céngéng. Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak céngéng hungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun nu ditétélakeun ieu di handap:

1. Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan.
2. Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki.
3. Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.
4. Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh kaayaan tali parantina.
5. Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun pikeun bekel hirupna.
6. Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang.

Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun 1975, yén dongéng mampuh ngaronjatkeun Intelegence Question (I.Q) budak. Budak kakeunaan ku Virus Ach (need for Achievement) nyaéta virus nu ngamotipasi budak sangkan miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti saméméhna tur salawasna bisa ngahontal préstasi kalayan optimal. Panalungtikan séjén nu ngébréhkeun yén dongéng bisa méré kani'matan, kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu macana. Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan di Amérika, anu nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas tibatan barudak turunan urang Amérika, sabab warga Asia nu cicing di Amérika teu ninggalkeun tradisi karuhunna, utamana macakeun dongéng-dongéng ngeunaan karuhun ka budakna.

F. Papasingan Dongéng


1. Dongéng Sasatoan (Fabél)

Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa, tapi diperankeun ku sato. Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna kawas manusa, upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran. Dongéng sato biasana watek palakuna geus dipola. Contona carita Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet.

Dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet téh mangrupa dongéng sasatoan asli ti Sunda. Bénteun jeung dongéng anu palakuna sato séjén. Contona dongéng Sakadang Peucang, hirupna dina sastra téh mangrupa pangaruh ti sastra Jawa.

2. Dongéng Babad (sage)

Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Sagé mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd.

3. Dongéng Kahirupan Jalma Biasa (Parabél)

Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nya éta dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si Congcorang,jjrd.

4. Dongéng Mite

Dongéng mité nya éta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap karamat ku masarakat. Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib. Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana nu maot. Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, jeung tanda-tanda alam. saperti sangu, jagong,jsté. Contona : Dongeng Dewi Sri, Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri.

5. Dongéng Pieunteungan

Dongéng Pieunteungeun nyaéta dongéng anu eusina mangrupa tauladan pikeun kahirupan manusa. Bisa dongéng jalma biasa atawa sasatoan. Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.

6. Dongéng Pamuk

Dongéng pamuk nya éta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Conto carita pamuk di wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nya éta tokoh anu kaitung sakral di daérah Jawa Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi téh nya éta hiji raja nu pernah maréntah wewengkon Pasundan.

7. Dongéng Légénda

Dongéng légénda nyaéta dongéng anu nyaritakeun asal-usul hiji tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan. Dongéng sasakala mangrupa golongan carita anu geus turun tumurun, anu geus jadi milik sagolongan masarakat. Palaku utama dina legenda jalma biasa.

Papasingan Legenda :

1. Legenda Agama nyaéta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama islam. Legenda nu geus dikumpulkeun diantarana:Syéh Siti Jenar di Muka Pengdilan Agama, Sunan Geseng, Syéh Abdul Muhyi, Ki Pandan Arang dari Tembayat, jste.
2. Legenda Alam gaib nya éta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mhluk-mahluk nu gaib.
3. Legenda tokah jalma nya éta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya kajadianana.
4. Legenda tempat atawa legenda wewengkon nya éta carita anu aya patalina jeung hiji tempat, ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-pasir, jurang, jsb. Contona nyaeta saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang, Sasakala Maribaya.
G. Tekhnik-tekhnik Ngadongéng
a. Maca langsung tina buku
Tekhnik ieu anu paling éféktif lamun guru ngabogaan buku dongéng anu pikareseupeun nu cocok di bacakeun ka murid. Cirining yén dongéng bisa dipahami ku barudak nyaéta pesen nu didugikeun bisa diserep tur paham yén kalakuan dina dongéng téh bener atawa salah.

b. Ngadongéng ngagunakeun ilustrasi tina gambar

Teknhik ieu éféktif lamun dongéng anu didugikeun dibarengan ku ilustrasi gambar tina buku anu pikaresepeun budak. Nyaritakeun dongéng maké ilustrasi gambar téh, maksudna pikeun ngajelaskeun pesen-pesen anu aya dina caritaan.
c. Nyaritakeun dongéng sacara langsung
Tekhnik ieu éféktif digunakeun lamun guru nyadiakeun dongéng anu bisa narik karesep siswa. Teknik ieu mangrupakeun teknik anu paling simpel, sabab teu mikabutuh kana média anu séjénna.
d. Ngadogéng ngagunakeun papan flannel
Cara ngajieun papan flannel nyaéta ku cara ngalapisan papan ku kaén flannel nu warnana netral, terus gambar tokoh-tokoh anu ngawakilan watak dina dongéng éta digunting polana dina kertas, terus ditémpelkeun dina papan éta.
e. Ngadongéng ngagunakeun bonéka
Biasana métode ieu mah disesuaikeun jeung umur sarta pangalaman barudak, biasana barudak bakal resep pisan lamun dongéng dibacakeun bari make bonéka.
H. Conto Dongeng Legenda

SAKADANG KUYA SILIH DURUK JEUNG MAUNG

Dina hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan.

Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.

“Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya.

Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa ogé kétang, kateuteu ari, da angger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna.

“Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh.

“Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala. “Ti kamari aing can baranghakan. Lumayan kuya kolot ogé!”

“Sabar, Sakadang Maung, sabar,” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna leuleuy, “Lamun mémang geus waktuna jadi hakaneun anjeun, uing mah rido. Katambah uing sorangan geus kolot, geus bosen hirup. Ngan anjeun kudu nyaho, daging uing téh tiis jeung hampos. Lamun hayang ngeunah jeung gurih, euweuh deui carana, uing kudu diduruk heula.”

“Diduruk heula? Kumaha carana?” ceuk Sakadang Maung.

“Gampang atuh. Awak uing bugbrugan ku suluh, tuluy duruk.”

“Ari suluhna ti mana?”

“Ngala ka leuweung!”

“Ngala ka leuweung? Ha ha ha aing apal kana akal licik sia, dasar kuya! Waktu aing ka leuweung néangan suluh, sia rék kabur! Aing moal bisa katipo deuleu!” ceuk Sakadang Maung.

“Bisi anjeun teu percaya mah, pék tah talian awak uing, tuluy cangcang kana tangkal!” témbal Sakadang Kuya.

“Heug atuh ari kitu mah!” ceuk Sakadang Maung. Tuluy néangan areuy keur nalian kuya. Geus manggih, reketek awak Sakadang Kuya téh ditalian. Tungtung talina ditalikeun kana tangkal kalapa. Ngahaja talina dipanjangan, da kitu paménta Sakadang Kuya téh. Sanggeus yakin talina pageuh, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh.

Sabot Sakadang Maung ka leuweung, buru-buru Sakadang Kuya nyieun liang dina keusik. Liangna kawilang jero ogé, gedéna sapaseun awakna. Tuluy manéhna cicing dina luhureun éta liang, nepi ka henteu kaciri aya liang.

Jol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak Sakadang Kuya. Gur baé suluh téh diseungeut. Teu hésé teurakna seuneu téh, kawantu suluh gararing. Sakeudeung ogé seuneuna geus ngabebela, teu bina ti nu keur nyieun api unggun. Ari Sakadang Kuya, barang durukan hurung téh, terus baé mubus kana liang anu aya di handapeunana.

“Sakadang Kuya!” ceuk Sakadang Maung.

“Kuk!”

“Can paéh?”

“Encan, seuneuna kurang gedé.”

Suluhna ditambahan deui.

“Sakadang Kuya!”

“Kuk!”

“Can paéh kénéh?”

“Encan, anéh di dieu mah seuneu téh bet haneut!” témbal Sakadang Kuya.

Suluhna ditambahan deui.

“Sakadang Kuya!”

Sakadang Kuya teu némbalan.

“Ah, jigana ayeuna mah geus paéh Sakadang Kuya téh.”

Barang durukan geus pareum, Sakadang Maung kurah-koréh kana durukan, néangan daging kuya. Keur kitu, Sakadang Kuya ngurumuy tina jero lebu durukan. Awakna jadi bodas ku lebu.

“Sakadang Kuya, geuning sia hirup kénéh?” ceul Sakadang Maung kacida kagétna.

“Puguh ceuk uing gé tadi, seuneuna téh jadi haneut di lebah dieu mah!” témbal Sakadang Kuya kalem.

“Baruk tiis nya?” ceuk Sakadang Maung deui bari nilik-nilik awak Sakadang Kuya. “Jeung deui awak silaing jadi bodas kitu? Asa leuwih kasép euy!”

Sakadang Kuya mésem. Pok ngomong, “Sakadang Maung hayang siga kuring?”

“Ih, puguh wé, ti baheula aing téh hayang boga kulit bodas. Meureun bakal leuwih tegep, nya!”

“Tangtu wé atuh. Komo Sakadang Maung mah, lamun boga kulit bodas téh, bakal leuwih gagah jeung kasép. Ayeuna ogé cacakan coréléng geus tegep.”

“Bisa kitu mun kulit uing hayang bodas kawas siliang ayeuna?” ceuk Sakadang Maung, rada sopan ayeuna ngomongna téh, teu uang-aing teuing.

“Nya bisa atuh, asal daék diduruk wé siga uing tadi,” ceuk Sakadang Kuya.

“Diduruk? Moal panas kitu?”

“Moal. Apan uing ogé henteu nanaon, malah kulit jadi bodas,” témbal Sakadang Kuya. “Lamun arék, jung atuh néangan suluhna heula!”

Teu loba tatanya deui, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh. Meunang sawatara lilana, Sakadang Maung datang bari manggul suluh gararing.

“Pék ngagolér di dinya, ku uing urang bugbrugan ku suluh!” ceuk Sakadang Kuya.

Sakadang Maung ngagolér, tuluy dibugbrugan ku suluh. Sut atuh suluh diseungeut. Jegur baé hurung, tangka ngabebela.

“Sakadang Maung!”

“Heuy!”

“Hirup kénéh?”

“Hirup, euy, ngan panas geuning!”

“Panas sotéh mimitina, engké mah moal geura.”

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh?”

“Hirup euy, ngan panas,” témbal Sakadang Maung, sorana ngalaunan.

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh?”

“Iup, han hanas heuy …,” Sakadang Maung némbal, sorana beuki teu kadéngé baé.

Teu talangké, suluhna dibugbrugan deui. Sanggeus sawatara lilana, pok ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh euy?”

Sakadang Maung teu némbalan.

“Lah, kawasna mah geus paéh Si Belang téh,” ceuk Sakadang Kuya.

Teu lila kadéngé sora tingbeletuk tina durukan. Sirah jeung awak Sakadang Maung baritu. Kambeu deuih bau hangit daging jeung kulit anu kaduruk.

“Yakin geus paéh Si Belang téh. Keun, itung-itung wawalesna ka sato anu sok ngahakanan sato laleutik,” ceuk Sakadang Kuya.





BAB III
PANUTUP


A. Kacindekan

Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian - kajadian jaman baheula. Dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi. Dongeng bisa dipaké pikeun ngadugikeun pesen saperti pesen moral. Kusabab kitu bisa di peka pangajaran ogé di sakola

B. Saran

Tinangtos dina nyusun ieu makalah masih keneh seueur kakirangan margi rumaos si kuring sadayana masih keneh diajar, kuayana kitu miharep ti rerencangan sadayana komentar sareng saran kanggo langkung saena dina nyusun makalah basa sunda.


DAPTAR PUSTAKA

Yayat, Sudaryat, Spk. 2007. Makaya Basa. Bandung : Sonagar Press.

Yudithea. Cara Menceritakan Dongeng dari Buku. http://yudithea.blogspot.com [13 Nopember 2012].diunggah ping 18 Agustus 2014

Eukaristia Victorique. Metode Dongeng sebagai Salah Satu Layanan BK di SD. http://animenekoi.blogspot.com [13 Nopember 2012]. Diunggah ping 18 Agustus 2014

http://ariobima-bima.blogspot.com/2011/10/kumpulan-dongeng-bahasa-sunda.html





























PANGJAJAP



Puji sareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT lantaran barkat rahmat-Na simkuring saparakanca tiasa ngabereskeun ieu karya ilmiah kanggo nuntaskeun pancen ti Bapa/Ibu Guru anu judulna “ DONGENG”.

Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka jungjunan alam nyatana Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina sareng ka shahabatna sareng mudah-mudahan dugi ka urang sadayana.

Medalna ieu makalah dipiharep tiasa ngadeudeul lumangsungna proses di ajar Basa Sunda hususna di SMK N Pancatengah. Eusi ieu makalah museur kana tujuan supaya mikaweruh dongeng sunda di tatar sunda anu mangrupakeun kabudayaan luhung urang sunda.

Pangajaran Basa Sunda dumasar kurikulum nu ayeuna langkung nyoko kana aktivitas murid. Murid dipiharep mampuh jeung nganyahokeun sarta satuluyna bisa ngadongengkeun dongeng sunda.

Pamungkas, mugia ieu makalah aya mangpaatna kanggo urang husus kanggo sim kuring saparakanca

umumna kanggo sadayana anu maca ieu makalah. Oge tangtos wae dina ieu makalah masih seueur keneh kakiranganana, kuayana kitu mugi ulah kirang-kirang ngahapunten.



Pancatengah, Januari 2018

Penyusun



Kelompok













DAFTAR EUSI


PANGJAJAP ……………………………………………………………..…i


DAFTAR EUSI …………………………………………………………….ii


BAB I

BUBUKA


A.

Kasang Tukang…………………………………………………..1


B.

Rumusan Masalah……………………………………………….1


C.

Tujuan……………………………………………………………1



BAB II

PEDARAN.


A.

Sajarah Kamekaran jeung Sumebarna Dongéng……………….. 2


B.

Wangenan Dongéng……………………………………………..2


C.

Unsur-unsur Dongéng…………………………………………...2


D.

Ciri-ciri Dongéng………………………………………………..3


E.

Pungsi Dongéng…………………………………………………3


F.

Papasingan Dongéng…………………………………………….4


G.

Tekhnik-tekhnik Ngadongéng……………………………………….6


H.

Conto Dongeng………………………………………………….7



BAB III

PANUTUP


A.

Kacindekan……………………………………………………..11


B.

Saran …………………………………………………………...11



Daftar Pustaka……………………………………………………………..12






















Berlangganan update artikel terbaru via email:

0 Response to "contoh makalah bahasa sunda tentang dongeng"

Posting Komentar

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel