Makalah Bahasa Sunda Guguritan beserta bahan isi guguritan
Daftar Eusi
Kecap Panganteur …………………i
Daftar Eusi………….... ..…ii
BAB 1 BUBUKA
A. Kasang tukang……………….1
B. Tujuan……………………..………1
BAB II EUSI
1. SISINDIRAN………………………..……2
1.1. Rarakitan…………….………3
1.2. Paparikan…………………...…5
1.3. Wawangsalan………………8
BAB III PANUTUP
A. Kacindekan………………………………10
B. Saran…………………………………..…10
Rujukan………………………………………......11
BAB 1
BUBUKA
A.KASANG
TUKANG
Kecap gurit asal tina basa Sangsekerta gurit anu hartina
nyusun karangan, dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, ari
hartina sarua bae nyaeta nuduhkeun pagawean ngareka atawa nyusun karangan
winangun dangding. Dina masa saacan perang murid-murid di sakola Angka II jeung
utamana Sakola Guru (Normaalschool) diajrkeun nembang jeung nulis guguritan, nu
matak maranehanana terampil lain ngan ukur nyanyikeun sesuai jeung lagu pupuh,
tapi bisa ogé nyusun guguritan ku sorangan. Katerampilan nyieun guguritan
dianggap salaku kahéngkéran hiji jalma komo lamun manehna pinter nembangkeunana
ogé.Sabab dina masa sanggeus perang disakola-sakola Dangding jeung cara nembang
teu diajarkeun sacara inténsif,ku kituna guguritan leungit popularitasna,
kecuali dikalangan ahli mamaos tapi éta ogé ngan ukur kawatesan ku ngapalkeun
guguritan nu geus aya.
B.TUJUAN
Tujuan dijieunnna ieu
makalah teh pikeun mikawanoh:
1.Cara
ngalestarikeun bahasa sunda
2.Kaayaan
basa sunda di Indonesia kiwari
3.Kumaha
sangkan basa sunda teh henteu dugi ka musnah anu ahirna nyebabkeun urang sunda poho kana bahasana
sorangan, jeung sajabana.
BAB
II
EUSI
A. Harti Guguritan
Guguritan nyaéta ungkara sastra
anu winangun dangding atawa pupuh anu sakapeung ogé sok disebut wawacan. Henteu aya wangenan anu cindek anu ngabédakeun guguritan
jeung wawacan. Sanajan guguritan mah biasana dipaké nyebut dangding anu henteu
panjang tur biasana ngagambarkeun rasa lirik anu nulisna atawa mangrupa
naséhat, sedengkeun ari wawacan biasana mangrupa carita, tapi henteu saeutik
guguritan anu panjangna leuwih ti wawacan
Guguritan kagolong kana karangan ugeran dina wangun puisi
heubeul. Pangna disebut karangan ugeran lantaran kaiket ku Patokan anu tangtu,
nya eta Patoka pupuh.Sawatara urang ahli netelakeun watesan ngeunaan guguritan.
Yus Rusyana (1992:94) nyebutkeun yen guguritan nyaeta karangan pondok anu disusun
make patokan pupuh.
Iskandarwassid dina Kamus Istilah sastra (1992:46)
nyebutkeun yen guguritan teh nya eta karangan puisi mangrupa dangding anu teu kawilang
panjang. Nurutkeun wangunanana, gugurutan kaasup wangun ugeran, nya eta kauger
ku patokan pupuh. Ku lantaran teu panjang tea biasana mah ukur ukur diwangun ku
hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh cara dina wawacan, sarta ilaharna eusina
henteu ngawujud carita (naratip). Dibacana biasana mah dihariringkeun make
lalaguan anu geus matok keur pupuh eta. Atawa ngahaja jadi rumpaka dina
pagelaran seni tembang Cianjuran. Dumasar kana hasil panalungtikan Yus Rusyana
jeung Ami Raksanagara (1980) pupuh anu pangmindengna digunakeun dina guguritan
teh nya eta (nungturun) asmarandana, dangdanggula, kinanti, jeung sinom. Hal
ieu bias jadi aya patalina jeung kabeungharan variasi lagu keur pupuh eta,
atawa jeung sipat lalaguanana. Guguritan teh geus lila gelarna dina sastra
Sunda. Ti abad ka-19 geus loba anu nganggit guguritan. Taun 1822-1866 R. Haji
Muhammad Musa nanggit Wulang Krama; taun 1865 .R.A. Bratadiwijaya nagnggit
Asmarandana Lahir Batin; taun 1892 Haji Hasan Mustapa nganggit welasan rebu
pada guguritan, upamana wae Kinanti Ngahurun Balung, Asmarandana Babalik Pikir,
Sinom Pamulang Tarima, Dangdanggula Pamolah Rasa, jeung sajabana.
Bedana guguritan jeung jeung wawacan
Jadi umumna mah bédana guguritan jeung wawacan téh sok
dumasar kana panjang-pondokna baé, salian ti gumantung kana kahayang nu
nganggitna téhNu panjang mahi sabukueun disebut
wawacan, sanajan eusina henteu ngalalakon, sabalikna nu pondok disebut
guguritan sanajan ngalalakon
Pada dinu guguritan
Guguritan biasan ngan ukur tina sababaraha pada, sanajan Dangdanggula Laut Kidul jeung Asmarandana Lahir Batin, rada panjang, kitu ogé guguritan H.Hasan
Mustapa umumna
100-200 pada, aya ogé anu 400 pada panjangna
B. Macem-macem guguritan.
Asmaranda
Balakbak
Dangdanggula
Jurudemung
Durma
Gambuh
Gurisa
kinanti
Ladrang
Lambang
Maskumambang
Mijil
Pangkur
Pucung
Magatru
Sinom
Wirangrong
C. Watek watek Guguritan
Asmaranda
Watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.Unggal pada
diwangun ku tujuh padalisan.
Dangdanggula
Watekna bungah atawa agung.Unggal pada diwangun ku sapuluh
padalisan.
Jurudemung
Watekna kaduhung atawa hanjakal. Unggal pada diwangun ku
lima padalisan.
Durma
Watekna heuras atawa siap rek
tarung.Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
Gurisa
Watekna pangangguran, lulucon atawa
tamba kesel.Unggal pada di wangun ku dalapan padalisan.
Kinanti
Watekna mihareup atwa
prihatin.Unggal pada diwangun ku genep padalisan.
Ladrang
Watekna banyol pikaseurien.Unggal
pada diwangun ku opat padalisan.
Lambang
Watekna banyol atawa pikaseurieun.
Unggal pada diwangun iu opat padalisan.
Magatru
Watekna lulucon deukeut deukeut kana
prihatin. Unggal pada diwangun ku lima padalisan.
Maskumambang
Watekna prihatin, sasambat atawa
nalangsa.Unggal pada diwangun kiu opat padalisan.
Mijil
Watekna sedih, susah atawa cilaka.
Unggal pada diwangun ku genep padalisan.
Pangkur
Watekna nafsu, lulmampah ata sadia
rek perang.Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
Pucung
Watekna piwuruk, wawaran, atawa
mepelingan.Unggal pada diwangun ku opat padalisan.
Sinom
Watekna gumbira. Unggal pada
diwangun ku salapan padalisan
Wirangrong
Watekna era atawa wiring.Unggal pada
diwangun ku genep padalisan.
BAB
III
PANUTUP
A.Kacindekan
Guguritan kagolong kana karangan ugeran dina wangun puisi
heubeul. Pangna disebut karangan ugeran lantaran kaiket ku Patokan anu tangtu,
nya eta Patoka pupuh.Sawatara urang ahli netelakeun watesan ngeunaan guguritan.
Yus Rusyana (1992:94) nyebutkeun yen guguritan nyaeta karangan pondok anu disusun
make patokan pupuh.
B.SARAN
Kanggo sadayana,hayu urang sasarengan ngajaga kalestarian bahasa sunda,di
awalan ku hal-hal alit dinu kahirupan urang.Sareng kanggo sadayan pihak-pihak
supados ngamumule deui bahasa sunda,ulah nepi ka janten musnah.
Rujukan
- Budi Rahayu Tamsyah spk. (1999. Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda.Bandung: Pustaka Setia
- LBSS. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung:
CV. Geger Sunten
0 Response to " Makalah Bahasa Sunda Guguritan beserta bahan isi guguritan"
Posting Komentar